1. Ucang ucang angge mulung muncang ka parangge digogog ku anjing gede anjing gede nu Pa Lebe ari gog gog cungungung
2. Trang trang kolentrang si londok paeh nundutan mesat gobang kabuyutan tikusruk kana durukan
3. Tongtolang nangka kawinan bapa poe salasa teu beja-beja aduh aduh si bapa teungteuingeun ka ema bapa mah suka suka jeuh nu ngora
4. Yu batur urang ulin ka Cibadak ah embung sieuna badak nu kamari geus euweuh geus dibedil ku si Jendil Ndil ndilong si Jending dirawu kelong
5. Perepet jengkol jajahean kadempet konxxx jejeretean
6. Pa Deong Pa Deong pangmukakeun lawang angin
7. Cing cangkeling manuk cingkleung cindeten plos ka kolong bapa Satar buleneng
8. Tokecang tokecang malik pendil tosblong angeun kacang angeun kacang sapariuk kosong
9. Aya hiji kurung pinuh ku japati japati kaluar disada uok uokan Alim karamana alim ka ibuna hoyong kaputrana nu centik bulu socana
10. Colenak beuleum peuyeum digulaan awas bom batok (2x) rebu rebu rada nyentok (2x) leumpangna dicentok centok (2x) sieun nincak tai kotok
11. Blung blong tampelet tampa gelom lalamis bulu maung cerentel cantel pakuong doblus
12. Tat tit tut daun kanyere (kaliki) saha nu hitut budak awewe (lalaki) dibawa kasaung butut balikna ngaburusut
13. Abdi teh ayeuna gaduh hiji boneka teu kinten saena sareng lucuna Ku abdi dierokan erokna sae pisan sumangga tingali boneka abdi
Kaulinan 1. Ambila-ambilan Ambil-ambilan turuktuk hayam samantu saha nu di ambil kami mah budak pahatu purah nutu purah ngejo purah ngasakan baligo purah tunggu bale gede nyerieun sukuna kacugak ku kaliage aya ubarna urat gunting sampurage tiguling nyocolan dage.
2.Cingciripit Cingciripit tulang bajing kacapit kacapit ku bulu pare bulu pare seuseukeutna jol Pa Dalang mawa wayang jrek-jrek nong.....
3.Lalandakan Landak landak sonari kop cau kop tiwu hakaneun sia janari bekel miang ka batawi kop jurig jarian kop jurig tangkod kop jurig pacilingan kop jurig onom......
4.Oray-orayan Oray orayan luar leor mapay sawah tong ka sawah parena keur sedeng beukah Oray-orayan laur leor mapay leuwi tang ka leuwi di leuwi loba nu mandi Oray-orayan oray naon, orya bungka, bungka naon, bungka laut laut naon, laut dipa, dipa naon,...dipandeuriiiii...
Kakawihan Barudak
1. Ayang-ayanggung Ayang-ayanggung gung goongna rame menak ki Wastanu nu jadi wadana naha maneh kitu tukang olo-olo loba anu giruk ruket jeung kompeni niat jadi pangkat katon kagorengan ngantos kanjeng dalem lempa lempi lempong ngadu pipi jeung nu ompong jalan ka batawi ngemplong
2.Margaluyu Bang-bang kalima lima gobang, bang bangkong di tengah sawah, wah wahai tukang bajigur, gur guru sakola desa, sa saban poe ngajar, jar jarum paranti ngaput, put putri nu gareulis, lis lisung kadua halu, lu luhur kapal udara, ra ragrag di Jakarta, ta taun opat hiji, ji haji rek ka mekah, kah kahar tujuh rebu, bu buah meunang ngala, la lauk meunang nyobek, bek beker meunang muter, ter terus ke Citapen, pen pena gagang kalam, lam lampu eujeung damar, mar mari kueh hoho, ho hotel pamandangan, ngan ngantos kangjeng dalem, lem lempa lempi lempong ngadu pipi jeung nu ompong
3.Ole-ole Ogong Ole-ole ogong melak cabe di tarogong dihakan ku mebe ompong diteang kari sapotong
au au aheng beuleum cau tutung geheng embe embe domba anak sapi tutunggulan
ema ema weya si sahi kabuhulan hayang geura diinuman embe embe domba anak sapi tuntunggulan ema ema weya si sahi pupundukan ku baturna ditumbukan
4.Rat-rat Gurisat Rat rat gurisat nini engrat paeh tiselap tiselap kana kuciat dibura ku laja tuhur laja tuhur meunang ngunun meunang ngunun tujuh taun kadalapan diburakeun nyeh prot...nyeh prot...nyehhhh prrroootttttt.
 | Kapungkur mah apal eta lagu teh sadaya ..... ayena mah asa kaemutan deui :) |
 | Mangga di haleuangkeun sasarengan sareng paraputera,...supados hartakarun karuhun tiasa diwariskeun ka generasi salajengna,... Blung blong,....tampelet tampa gelom,...lalamis bulu maung,.... cerentel cantel,.....pakuong doblus
|
 | Tokecang tokecang malik pendil tosblong angeun kacang angeun kacang sapariuk kosong |
 | Wah, ngalaguna kumaha nya? sapalih hilap, sapalih teu wanoh pisan. :) |
 | Kang Dian damang? Kumaha musim pana ieu bade midang/konser dimana wae yeuh,... upami kaleresan ka UK,..caket ka daerah Bristol,..diantos linggih di rorompok |
 | Salam wanoh kang. pami tiasa mah cobi ku akang dihaleuangkeun teras direkam dina wangun mp3, supados tiasa di donlod, he.. |
 | Salam wanoh kang. pami tiasa mah cobi ku akang dihaleuangkeun teras direkam dina wangun mp3, supados tiasa di donlod, he.. |
| |